Home Gaya Hirup Implik-implik Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar
Implik-implik

Abah Udin Milu Ngaramékeun Pasar Kopi di Tatar Jabar

Share
Bambang Riyanto, ngajaga kualitas Kopi Abah Udin. (éép nr)
Share

Keur sabagian jalma, kopi dianggap jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi dianggap gaya hirup. Café nu nyadiakeun kopi jlug-jleg di mamana. Kumaha ari Kopi Abah Udin ti Giri Mekar? Geus nepi ka mana pangaruhna pikeun ngaramékeun perkopian di Jawa Barat? Manglé ngobrol jeung Drs. Bambang Riyanto nu boga gagasan mroduksi Kopi Abah Udin. ***

Lain ukur di kota-kota gedé, nginum kopi di mana-mana geus diangap lumrah. Hudang saré sok langsung nginum kopi. Najan geus nginum nu amis-amis, ari can ngopi mah majar dianggap henteu sampurna. Komo keur tukang ngaroko mah, nginum kopi mangrupa setélan nu teu bisa dipisahkeun.

Hawa keur panas entak-entakan, ku nginum kopi matak seger cenah. Sabalikna keur usum tiris, nimat pisan cenah nginum kopi téh. Lamun keur puyeng pipikiran, ku nginum cai kopi cenah sok jadi cénghar deui uteuk téh. Cageur ngadadak. Teuing sugesti atawa henteuna mah, nu sidik kabutuh jelema kana nginum kopi jaman kiwari mah geus teu diragukeun deui.

Pangeureunan mobil di luar kota tempat istirahat para supir gé tangtu nyadiakeun kopi. Hartina kopi geus jadi kabutuh nu utama. Malah nginum kopi murni atawa natural nu teu digulaan keur sabagéan jalma dipercaya bisa nyageurkeun kasakit jajantung. Kitu deui nyuguhan ka tatamu nu daratang ka imah, nu pangheulana ditawarkeun téh pasti cai kopi ari tamuna lalaki mah.

Café café nu nyadiakeun husus kopi jlug-jleg di mana-mana. Ti mimiti nu kelas murah nepi ka nu tingkat mahal aya di kota gedé mah.

Ku kituna keur nu boga lahan atawa modal mah usaha kana kopi jadi udagan. Salah sahiji contona Bambang Riyanto, warga Cigarukgak, Désa Giri Mekar, Kacamatan Ciléngkrang Kabupatén Bandung.

Nurutkeun Bambang, mimiti nyoba-nyoba usaha kana kopi téh basa anyaran raména Covid awal taun 2020. Kabeneran Bambang boga modal, nya nyéwa lahan pamaréntah nu legana 2 héktar teu jauh ti panganjrekanana.

“Nya ti harita lahan teh dikebonan ku tangkal kopi. Nu ngokolakeunana kaleresan pun adi, Udin. Nya produksi kopi téh dinamian Kopi Abah Udin,” ceuk Bambang di panganjrekanana sababaraha waktu ka tukang.

Ku sabab kopi mah loba nu mikabutuh téa, usaha Bambang terus nérékél. Nu tadina mah kopi téh dipesen keur wilayah Bandung wétan saperti Cicaheum, Ujugberung, Cibiru, Cileunyi, kiwari mah ampir sa-Bandung. Kitu deui ngiriman ka Cirebon jeung nu paling loba mah pesenan ti Jakarta.

Ngopi di café jadi gaya hirup. (foto: nét)

“Sawatara ieu mah nu paling seueur pesenan téh ti café-café. Carana langsung sumping ka Kampung Legok Nyenang Cilaja, tempat produksina atanapi dikirm ngalangkungan online,” ceuk Bambang deui.

Home Industri

Saluyu jeung kamekaran jaman, kopi anu dijual di Abah Udin gé lian ti anu natural saperti Arabika jeung Robusta, aya ogé nu geus diolah. Diantarana Wine Coffee. Kitu deui aya kopi lanang anu ceuk Bambang mah hargana kawilang lumayan. Ngan diaku ku Bambang, nepi ka kiwari dina urusan mrosés kopi ti mimiti ngala tina tangkal nepi ka jadina kopi nu siap dijual masih ngagunakeun cara cara basajan. Can ngagunakeun mesih canggih cenah.

Kopi di Abah Udin nu siap diprosés.

“Masih home industry. Tapi alhamdulillah ku kitu tiasa ngalibetkeun warga nu ngiring damel ngabantos bantos tempat usaha sim kuring. Aya ari 10 karyawan mah,” ceuk Bambang deui.

Najan kitu, ari kopi nu siap dibungkus mah geus sadia réa pisan. “Aya nu pesen langsung tiasa dikirim,” Bambang nandeskeun.

Prosés Kopi Abah Udin ngalibetkeun warga sabudeur.

Bambang teu nyebutkeun lamun produksi kopina leuwih unggul ti batur. Komo deui cenah dina mroduksi téh masih ngandelkeun cahya panonpoé mun keur ngagaringkeun kopina. Tapi paménta pasar kana Kopi Abah Udin terus murudul.

Sababaraha tatanggana gé kiwari mah réa nu nurutan usaha kana kopi. Tapi keur Bambang mah teu hariwang jeung teu jadi pasualan. Sabab rejeki mah geus aya anu ngatur. Nu penting Kopi Abah Udin kudu tetep kajga kualitasna cenah.

Ngopi bari nyerangkeun pamandangan di gunung.

Sababaraha hal nu dilakukeun téh diantarana, ti mimiti metik buah kopi bener bener dipilihan nu geus beureum. Kitu deui dina cara moéna kudu bener bener garing. Sangkan dina prosés nyangray téh ngahasilkeun kopi nu alus ajénna. *** (éép nr)

Mangle 2987

Share
Written by
EEP NR -

Wartawan Majalah Basa Sunda Mangle yang tegabung dalam Persatuan Wartawan Indonesia Jawa Barat. Juga Atlet Tenis Meja Porwanas Jawa Barat.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
Implik-implik

Banjarmasin Kota Sarébu Walungan

Unggal daérah atawa kota sok boga jujuluk. Contona Garut nu sok disebut...

Implik-implik

Lalampahan ka Prambanan

Candi Prambanan geus kasohor ka mamana. Pada ngadatangan lain waé ku wisatawan...

Implik-implik

Tebing Karaton Éndahna Pamandangan di Lamping Gunung

Tebing Keraton atawa Tebing Karaton mangrupa déstinasi wisata bagian tina Taman Hutan...

Implik-implik

Wisata Gunung di Bukit Senyum

Siga taya béakna tempat wisata sabudeur Bandung mah. Julg-jleg di ditu di...