Penata musik atawa ‘arranger’ anu sok disebut ogé juru sanggi lagu-lagu Sunda kiwari mah geus réa. Tapi pikeun Abah Éwon nu jadi ‘arranger’ ti taun 2010 teu jadi hariwang. Sabab nu diperlukeun ku nu rék diaransemén laguna mah hasil ahirna. Kumaha lalakonna? ***

Sabenerna lain ukur lagu-lagu Sunda anu diaranseménan ku Abah Éwon téh, tapi sagala jenis génré musik ti mimiti dangdut, koplo, pop, kasidah jeung anu lianna. Gumantung kana pesenan. Ngan diaku ku Abah Éwon, lagu Sunda nu pangréana.
Soal kiwari geus rea profési anu siga dirina, ceuk Abah Éwon nu ngaran aslina Iwan Jaeni, henteu jadi pasualan. Sabab najan boga alat-alat anu hadé, nu paling utama mah ngagawéanana. Hasil ahirna. Kudu apik pangpangna dina prosés ‘mixing’na (adumanis sagala rupana) cenah.
“Intina mah SDM-na kedah mumpuni,” ceuk Abah Éwon di panganjrekanana anu sakaligus studiona di Babakansari, Pasirbiru, Kacamatan Cibiru Kota Bandung (Minggu 23/03/2025).
Buktina, penyanyi atawa biduan top ti Tatar Parahiangan réa nu merlukeun jasa dirina. Datang langsung ka panganjrekanana. Diantarana Bungsu Bandung anu laguna ‘Cawadan’, ‘Awét Rajét’ jeung nu lianna. Kitu deui Rita Tila, Yana Kermit, Ria Fitria, Kun Kun, Iing Kurnia jeung anu séjénna.
“Alhamdulillah lagu-laguna seueur anu viral,” Iwan reueus.
Malah tina béja nu pabéja-béja deui, ka imahna kungsi datang urang Malaysia nu hayang dipangnyieunkeun ‘backsound’ jeung ‘sountrack’ filemna nu keur dijieun di Bandung.


“Jenenganana Pa Ismail. Anjeunna gé ahli musik saleresna mah. Ka rorompok ngabring saréngséna shooting,” ceuk Iwan deui.
Kitu deui kungsi kadatangan urang Paléstina nu geus jadi warga Kota Bandung sabab kuliahna gé di Bandung. Saméméh puasa datangna téh nu maksudna hayang nyieun ‘voice over’ (pengisi suara) keur kaperluan usaha dagangna dina instagram.
Profési jadi ‘arranger’ atawa penata musik ku Abah Éwon geus dilakukeun ti taun 2010 waktu inyana masih aktip manggung minangka pamaén ‘keyboard’. Ngan ti taun 2016 manggung dieureunan pisan. Sabab embung mikir ngarancabang anu kudu ngapalkeun lagu keur di panggung sarta ngagawéan PR pesenan lagu.
Bandung Musik
Tilu taun ka tukang, Iwan ngagabung jeung Chanel You Tube Bandung Musik. Artis-artis nu kagabung di Chanel You Tube nu produsérna Abang Bornfri Situmorang, urang Médan nu mikacinta lagu-lagu Sunda téh diantarana Najmi Nadia, Krishna Sagara, Selene, Rehan Darso, Nasep Evi, Gita jeung nu séjénna. Lagu-laguna kabéh diranseménan ku Abah Éwon.

“Alhamdulillah lagu-laguna seueur nu viral diantawisna ‘Asih Saliwat’, ‘Taya Rasrasan’ (Krishna Sagara), ‘Hampura’ (Nita Tila) sareng nu sanésna,” ceuk ieu carogé Lilis Solihah reueus.
Mun lagu Indonésia nyaéta lagu Senam ‘Jabar Juara’ karya Dayu AG nu pernah sohor téh.
Dina prakprakan gawéna ngaaransemén lagu, henteu salilana nyugemakeun. Lain sakali dua kali Iwan kuciwa alatan hasil gawéna henteu dibayar. Pangpangna mah jaman Pilkada. Anu sanggeus bérés karyana, tim suksés nu ngajangjikeun rék mayar téh malah henteu némbongan deui bari can mayar.

“Ku kituna kiwari mah minimal kedah aya DP heula,” Iwan seuri.
Padahal ngaaransemén hiji lagu téh lain hal gampang siga ngadownload lagu dina You Tube. Tapi merlukeun pikiran sarta tanaga. Kadang bérésna hiji lagu téh paling gancang satengah poé. Nincak anu keur rudet mah tilu poé kakara réngsé ceuk Iwan.
Buruhna ogé gumantung kana gampang jeung susahna nu dipigawé. Ngan ceuk Iwan, “Unggal ngadamel aransemén gé mun diibaratkeun tukang wangunan, salamina dianggap diajar. Tiap aya anu ngéngkén hoyong diaransemén, janten élmu anyar kanggo sim kuring,” ceuk Abah Éwon nu basa keur jeneng kénéh pamaén ‘keyboard’ kungsi mirig grup légéndaris Bimbo sarta pernah manggung di Malaysia.
Manglé 3021
Leave a comment