Home Warta Katumbiri 24 Taun Bank OCBC NISP Teu Mulangkeun Jaminan Krédit Hirawan Ardiwinata
Katumbiri

24 Taun Bank OCBC NISP Teu Mulangkeun Jaminan Krédit Hirawan Ardiwinata

Share
Hirawan Ardiwinata (tilu ti katuhu) jeung tim kuasa hukum.
Share

Kota Bandung – Pangusaha ti Bandung, Hirawan Ardiwinata, tas munahan kawajiban kréditna di PT Bank OCBC NISP (saacanna PT Bank NISP). Ngan éta bank swasta téh teu mulangkeun jaminan krédit. Lain sapoé, tapi salila 24 taun asét Hirawan dikeukeuweuk pihak bank. Padahal jumlahna teu saeutik. Angot meuntas ti dua dékade mah niléyna jadi nikel.

Jaminan krédit nu can dipulangkeun téh di antarana: lahan nu legana nepi ka 10 héktar di Pangandaran, 25 tanah kavling di Setiabudi Regency Kota Bandung, jeung 40 lambar obligasi. Nepi ka kiwari, pihak bank can masrahkeun asét nu ditandonkeun. Hirawan laju ngajukeun gugatan ka Pengadilan Negeri Bandung tanggal 11 Juli 2024, kalayan register perkara Nomor 296/Pdt.G/2024/PN.Bandung. Tah dina tanggal 20 Januari 2025, Pengadilan Negeri Bandung medalkeun putusan yén pihak bank kudu mulangkeun jaminan kredit ka Hirawan. 

Kuasa Hukum, Yanto Pranoto saparakanca ngurus pasualan Hirawan Ardiwinata.

Kuasa hukum Hirawan, Yanto Pranoto, nétélakeun yén klien ngajukeun kredit ka bank swasta di Bandung ku jaminan 32 dokumén berharga keur kapentingan bisnis dina taun 1996 kalarung. Klien tas nyumponan kawajiban mayar poko jeung bunga nepi ka taun 2000 tas munahan cicilan.

“Kredit mah lancar dugi ka bérés cicilan. Taun 2001 nampi buktos katerangan lunas ti bank,” ceuk Yanto dina acara konferensi pers nu lumangsung di Bandoengsche Melk Centrale 1928, Jl. Aceh No.30, Merdeka, Kec. Sumur Bandung, Kota Bandung, (28/2/2025).

Yanto ngémbohan yén satutas punah téh bank ngan masrahkeun sawaréh. Sawaréhna deui mah teu dipulangkeun. Klien sababaraha kali nananyakeun ngan ti pihak bank téh bangun nu teu maliré. Yanto ngécéskeun yén jaminan kredit nu teu dipulangkeun téh di antarana 40 obligasi, lahan nu legana 10 héktar di Pangandaran, jeung 25 kavling di Setiabudi Regency. Tas écés tembres mah, pihakna ngagugat perkara éta ka PN Bandung.

“Majelis hakim medal putusan yén pihak bank kedah masrahkeun jaminan krédit ka nasabah. Nanging dugi ka danget ayeuna teu acan aya ketakna,” ceuk Yanto tandes naker.

Hirawan Ardiwinata ngadongsok Bank OCBC NISP mulangkeun jaminan kredit.

Yanto ngécéskeun yén di persidangan jeung basa sita jaminan téh aya pihak nu diduga ngaku-ngaku lahan di Pangandaran. Sagigireun éta aya dugaan obligasi klien teu ditunda di bank.

“Sim kuring baris koordinasi sareng OJK meredih bantosan pikeun ngaréngsékeun ieu pasualan. Jalaran bank téh dititénan mah tas wanprestasi. Dipiharep kasus sarupaning kieu téh teu tumiba ka nasabah nu sanésna,” ceuk Yanto bangun miharep.

Ku rupaning tarékah nu tas dilaksanakeun téh, Hirawan miharep asétna bisa sagancangna dipulangkeun satutas nungguan 24 taun lilana. Hirawan masrahkeun ka kuasa hukum pikeun ngurus éta pasualan. “Sim kuring ngahaturkeun nuhun kum ka sadayana nu tas ngabantos,” ceuk Hirawan.***

Share
Written by
Yadi Karyadipura -

Wartawan & Pangarang. Jajatén ninggang papastén.

Leave a comment

Tinggalkan Balasan

Related Articles
KatumbiriWarta

Madrasah Qur’an Asyifa Mantuan Warga Sangkan Cinta Al Quran

Tong héran mun ngaliwat ka Komplék Bumi Langgeng Blok 26 No. 13...

Katumbiri

Ajengan ka Sakola, Ajén Kaislaman Nanjeur di SMAN 14 Bandung

Kota Bandung – Romadon téh mangsa neuleuman élmu agama Islam. Di SMAN...

Katumbiri

Ngamulyakeun Romadon di Darul Hikam

Bulan Romadon 1446 H, bulan anu mulya, bulan nu kacida dianti-antina keur...

KatumbiriWarta

Tempat Latihan Pingpong Standar Internasional Di Kabupatén Bogor

Kabupatén Bogor ngabogaan tempat latihan pingpong standar internasional nu ngaranna Donic Table Tennis...